hal hal anu di tepikeun ku panata acara dina

Berikut ini adalah pertanyaan dari ila87 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Hal hal anu di tepikeun ku panata acara dina muka acara "paturay tineung"

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Nu perlu dipikawanoh sangkan bisa nyebutkeun naon nu ditepikeun ku panata acara dina muka acara nyaeta perlu mikawanoh naon pancen panata acara jeung ragam basa nu aya dina basa Sunda. Pancen panata acara nyaeta mingpin jeung ngarahkeun hiji acara sangkan eta acara teh bisa lumangsung sacara merenah. Dina basa Sunda aya dua ragam basa nyaeta nu disebut ragam basa hormat / lemes jeung ragam basa loma.  

Pembahasan

Panata acara teh sarua hartina jeung MC atawa singgetan tina master of ceremony. Ragam basa nu biasa digunakeun ku panata acara dina acara "paturay tineung" nyaeta ragam basa hormat / lemes. Pikeun ngajawab pananya di luhur, di handap ieu nyaeta hal hal anu di tepikeun ku panata acara dina muka acara "paturay tineung":

Bismillahirrahmanirrahim ...

Assalamualaikum Wr. Wb.

Puji sareng sukur mangga urang haturkeun sasarengan kanggo Gusti Allah Nu Maha Kawasa, margi ku ijin mantenna urang sadayana tiasa riung mungpulung dina acara "paturay tineung" murid kelas genep ieu dina kaayaan sehat walapiat.  

Sim kuring atas nami panata calagra acara "paturay tineung" kelas genep SD Sukasenang Kabupaten Garut ieu ngahaturkeun rebu rebu nuhun ka bapa kapala sakola, bapa sareng ibu guru, bapa sareng ibu wali murid, sareng rerencangan kelas genep sadayaba anu parantos tiasa sumping dina acara "paturay tineung" kelas genep ieu.  

Supados ieu acara teh tiasa lumangsung kalayan lungsur langsar, mangga urang kawitan ieu acara ku maos sasarengan basmallah, bismillahirrahmanirrahim. Salajengna sim kuring bade ngadugikeun runtuyan acara anu bade dipidangkeun dina ieu acara, nyaeta:

  1. Bubuka
  2. Ngaos Ayat Suci Al Qur'an
  3. Laporan Pupuhu Panata Calagra Acara "Paturang Tineung"
  4. Hariring Kawih Sunda
  5. Biantara Pangbagea ti Pupuhu Komite Sakola
  6. Hariring Kawih Sunda
  7. Biantara Bapa Kapala Sakola
  8. Upacara Adat "Prosesi Pelepasan" Siswa Kelas VI
  9. Pamasrahan Ijazah Sacara Simbolik ka Siswa Kelas VI
  10. Pamasrahan Piagam Pangajen 5 Siswa Nu kenging Prestasi
  11. Maos Do'a
  12. Panutup
  13. Pinton Seni

Salajengna sumangga dihaturanan ka saderek Neneg Salamah kanggo ngaokeun ayat suci Al Qur'an. Sumangga saderek Neneng Salamah dihaturanan!.

Pelajari lebih lanjut

__________

Detil Jawaban

Kelas : III

Mapel : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama

Bab : 8

Kode : 3.13.8

Kata Kunci : Nu ditepikeun ku panata acara dina muka acara

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh ilukman dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Mon, 12 Sep 16