buatlah pidato bahasa sunda tentang ramadhan​

Berikut ini adalah pertanyaan dari aulia04malika pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Buatlah pidato bahasa sunda tentang ramadhan​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Assalamu’alaikum Wr. Wb.

Bismillahirrahmanirrahim, Alhamdulillahirobbil ‘alamin, Washolatuwassalamu ’ala asrofil anbiyai walmursalin, wa ‘ala ‘alihi washobihi ajmain, ammaba’du.Anu ku simkuring dipikahormat, bapa pupuhu sakolah, wakil pupuhu, bapak ibu guru, sareng réréncangan anu ku simkuring dipikanyaah.

Teu aya kecap anu pantes di carioskeun iwal ti manjatkeun puji syukur ka hadirat allah swt anu parantos ngalimpahkeun sagala rahmat, taufiq, sareng hidayahna kanggo urang sadaya.

Ku kituna urang masih tiasa kénéh dipasihan rahmat anu paling éndah mangrupa kaséhatan sarta oksigén anu ku urang hirup anu haratis teu mayar sapérak-pérak acan.

Sholawat sinareng salam, mugi-mugi tetep kacurahkeun ka junjungan nabi urang sadaya Muhammad SAW, dimana anu parantos nunjukkeun urang ti jalan anu poék ka jalan anu caang. Ku kituna ogé sami-sami urang ngaharepkeun syafaatna engkin di yaumil qiyamah. Amiin.

Hadirin, nu kusimkuring dipikahormat.

Dina pidato singket ieu, simkuring badé medarkeun sakedik ngenaaan kana harti sareng hikmah dibalik nami bulan rajab, sya’ban, sareng ramadhan. Sabab seueur diantara urang anu ngamangpaatkeun bulan-bulan ieu pikeun menangkeun jalan sareng kahadéan.

Dina salah sahiji hadis ogé pernah diterangkeun, yén bulan rajab téh mangrupakeun bulan keur urang melak kahadéan, sya’ban nyaéta bulan keur urang nyiramanana, sareng ramadhan nyaéta bulan dimana urang tiasa manén tina kahadéan hirup.

Hadirin, nu kusimkuring dipikahormat.

Nu kahiji nyaéta naon hikmah dibalik bulan rajab téh? Bulan Rajab dicandak dina kecap rojaba, (ارجبوعن القتال  بمعنى كفوا عنه), nu ngabogaan makna adhim (agung), hal ieu disababkeun da harita mah bangsa Arab téh ngagungkeun pisan kana bulan rajab, sapertos henteu ngalakukeun peperangan dina bulan ieu.

Salian éta, bulan Rajab ogé ngagaduhan dua sebutan, nyaéta al-Aṣab (pencurahan) sareng al-Asham (tuli). Disebutkeun al-Ashab sabab dina bulan ieu mah rahmat téh turun ka umat nabi Muhammad SAW. Sedengkeun disebut al-Aṣam sabab dina bulan ieu kapungkur mah teu aya atawa teu kadéngé suara peperangan jeung sora pedang.

Salajengna nyaéta nu kadua, bulan Sya’ban. Di tilik tina cariosan syeikh Abdurrazaq as-Sa’di, dipasihan nami Sya’ban téh sabab harita mah sadaya kabilah Arab papencar jeung papisah sabot peperangan, sateu acan saméméhna nyicing teu kamana-mana, sabab diharamkeun ngalakukeun perang di bulan Rajab téh.

Sami halna sareng bulan Rajab, bulan Sya’ban ogé ngabogaan sesebutan, nyaéta sok disebut bulan al-Qaṣir nu hartina éta singket atawa péndék. Hal ieu mereun disababkeun kalobaan manusa ngadago-dago datangna bulan suci Ramadan nu datang saparantos bulan Sya’ban.

Urang salaku umat islam tangtuna ogé ngadago-dago ahir di bulan sya’ban ieu, pikeun nyaksian sareng ningali hilal datangna bulan suci Ramadan anu ku urang muliakeun. Pernyataan ieu sami halna sakumaha anu parantos disebutkeun ku Syeikh Muhammad Ali Attum.

Nu katilu, atawa anu pamungkas nyaéta bulan Ramadhan. Ramadhan bahasa asalna tina kecap Ramadha nu hartina panas. Aya seueur versi kunaon bulan ieu disebut nami ramadhan téh. Sala sahijina nyaéta nu nyatakeun yén bulan ieu disebut Ramadhan téh sabab biasana mah bulan ieu sok paampok sareng musim panas di jazirah Arab harita mah.

Salian éta, aya ogé anu miboga pamanggih lian, nyaéta sabab jalmi-jalmi nu shaum dibulan puasa mah ngarasakeun panas sareng nahan lapar.

Sedengkeun sebutan bulan Ramadhan anu teu bireuk deui keur urang, di antarana: Kahiji, syahrul quran. Disebut kitu lantaran Al-Quran diturunkeuna dina bulan ieu. Kadua, syahrul maghfiroh, sabab dosa-dosa urang tiasa dihampura dina bulan ieu. Katilu, syahru shiyam, sabab urang émang diwajibkeun ngalakukeun ibadah saum dina bulan ieu.

Hadirin, nu ku simkuring dipikahormat.

Mugia Allah tiasa ngalimpahkeun barokahna ka urang sadaya di bulan Rajab, Sya’ban, sareng mugia urang sadaya dipasihan umur panjang dugi ka panggihna bulan suci Ramadan. Amin, amin, yaa robbal alamin.

Hadirin, bapa, Ibu guru sareng rerencangan anu kusimkuring dipikanyaah.

Rupina cekap sakitu waé anu tiasa ku simkuring kapihatur dina pidato ngenaan harti sareng hikmah bulan rajab, sya’ban sareng ramadhan ieu. Hapunten bilih aya basa nu kirang entep saureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa dihapunten.

Hatur nuhun kana perhatosan nana

وَبِااللهِ تَوْفِقْ والْهِدَيَة وَالرِّضَا وَ الْعِنَايَة

Wassalamu’alaikum Wr. Wb..

Penjelasan:

KALO SALAH MOHON DI KOREKSI

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh dewiamb5 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 14 Jul 21