contoh karangan cita-citaku jadi dokter dalam bahasa Sunda​

Berikut ini adalah pertanyaan dari restidinichoirunisah pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Contoh karangan cita-citaku jadi dokter dalam bahasa Sunda​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Lamun kuring geus gede engkena, kuring hayang jadi saurang guru. Kuring hayang bisa nyerdaskeun anak bangsa jeung ngabanggakeun kadua kolot kuring. Mangka ti eta, mimiti ti ayeuna kuring kudu rajin diajar sangkan pinter, disiplin jeung boga tanggung jawab.

Guru nyaeta profesi anu mulia sabab anjeuna pahlawan tanpa jasa, sakabeh manusa tangtu moal aya gunana lamun teu aya jasa ti saurang guru, kitu oge sabalikna. Jadi naon wae anu dilakukeun guru dina ngajaran loba elmu ka urang, urang kudu bisa ngahormat jeung ngahargaan anjeuna.

Kuring bener-bener reueus ka sakabeh guru nu aya di sakola ieu, aranjeuna anu geus ngajar, ngabingbing kalawan sabar, nepi ka kuring bisa jadi jalma anu leuwih pinter tibatan kamari, jeung lain sajabana.

Kuring nyukuran lamun dibandingkeun jeung barudak laina, sabab kuring masih bisa diajar di sakola ieu, ulin jeung babaturan laina di sakola. Sedengkeun barudak laina nu aya di sisi jalan teu bisa ngarasakeun endahna suasana di sakolaan.

Kuring hayang jadi guru lamun geus gede engke, bisa ngadidik siswa kalawan bener salahna, ngajarkeun kahadean, ngajadikeun siswa-siswi anu pinter sarta ngadidik sopan santun nu tetep boga ahlak anu mulia.

Supaya cita-cita kuring jadi guru eta bisa ka wujud, tangtu wae kuring kudu disiplin sarta rajin diajar di sakola ti mulai ayeuna. Sabab jadi guru teh teu gampang, urang kudu pinter jeung boga wawasan anu luas.

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh aara21334 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Wed, 28 Jul 21