Tuliskan 5 buah puisi pendek berbahasa sunda !! Secepat nya

Berikut ini adalah pertanyaan dari HeyChall pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Dasar

Tuliskan 5 buah puisi pendek berbahasa sunda !!Secepat nya ya and dijawab yg bener

Asal asalan ku report !! ​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

1) Endana Desa Tos Teu Aya

Endana desa nu harita alus duka kamana

Alam nu tadina hejo ayena tinggal cerita

Desa abdi ayena barobah tos jadi kota.

Kamana dei abdi neangan ka endahna?

Ayeuna nu aya tinggal karasa hariwang

Sebab alam desa abdi nu endah ayena tos teu aya.

Asa ku geunah ningali leuweung anu harita

Rupa-rupi sasatoan aya kabeh didinya

Nanging, jalma-jalma nu teu boga etika tos ngeruksak alam dunya..

Tatangalan dibabad beak ku maranehana nepi teu ka sesa

Leuweung nu sakitu gedena di beuleum nepi kabeakna

Pikeun kebutuhan sekumpulan jalma-jalma nu teu boga etika.

2) Lembur Panineungan

Hujan nu ngarincik mawa lamunan nu lawas katukang

Katembong lebah tanjakan tutuwuhan arajeg mapay ngajajar

Gunung nangtung bangun taya kasuwung

Sawah ngeplak lir ibarat permadani nungampar ngagelar

Breh ka beh kidul.. Walungan matak waas tetempoan

Tangkal kihurip ngereuy mapay dahan muncang sisi gawir

Bray ka blah kulon ngembloh satungtung panenjo kebon

Sabangsaning palawija selang sekar dipelakna

Tanah pasundan tanah kahirupan

Lembur kuring panineungan.

3) Indung

Salapan bulan kuring dikandung

Bra ka alam dunya dipapag kadeudeuh

Kanyaah indung ka kuring

Moal kaukur sanajan saluas bumi

Taya pituah anu endah salain ti indung

Taya kadeudeuh iwal kadeudeuh indung

Du’a jeung pangharepanna

Satia maturan renghap nafas kuring

Indung, nu nganter kuring kana kadewasaan

Mapag harepan

Jasa jeung pangorbanan anjeun

Moal bisa diganti ku saeusi dunya

Ridha Allah aya dina ridha anjeun

4) Ngahareupkeun Anjeun

Anjeun tos ninggalkeun abdi

Teu terang kunaon masalahna

Teu terang oge, naon ka kurangana

Sareng teu terang naon salah abdi

Anjeun tega ninggalkeun abdi

Di kala abdi ngarasa nyaah pisan ka anjeun

Anjeun teu nyaho..

Kanyaah abdi ka anjeun ngalewihan kanyaah abdi ka diri sorangan

Tapi naha kunaon? Anjeun tega ninggalkeun abdi ?

Cai panon tos teu tiasa dei di bendung

Nyeri, hate abdi di khianatan ku anjeun

Tapi naha kunaon, hate abdi masih tetep ka anjeun.

5) Pahlawan Indonesia

Suara tembakan henteu anjeun hiraukeun,

pikeun ngabela bangsa indonesian nu bebas tina panjajahan..

Harta sarta nyawa anjeun korbankeun..

Maju terus teu pernah gentar saeutik oge pikeun ngusir maranehna para panjajah..

Mugi-mugi semanget juang anu anjeun wariskeun harita tiasa dirasakeun ayena, pikeun nuntun bangsa indonesia supaya terus maju..

Mugi-mugi oge amal, ibadah, sarta jasa anjeun nyaeta para pahlawan sadayana bisa di tampi ku gusti allah taala..

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh shakila7376 dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Sun, 04 Jul 21