anu lain kecap barang Dina kecap kecap di handap ieu

Berikut ini adalah pertanyaan dari adipratama201910 pada mata pelajaran B. Daerah untuk jenjang Sekolah Menengah Pertama

Anu lain kecap barang Dina kecap kecap di handap ieu nyaetaa.alus
b.meja
c.udin
d.imah​

Jawaban dan Penjelasan

Berikut ini adalah pilihan jawaban terbaik dari pertanyaan diatas.

Jawaban:

Anu lain kecap barang nyaéta A. Alus. Sabab kecap alus asupna kana kecap sipat.

Pembahasan

Kecap nyaéta sakumpulan hurup nu dimana mibogaan harti masing-masing. Sacara umum, kecap téh kapasing jadi sababaraha bagéan. Namung, nu bakal di bahas ku simkuring ayeuna nyaéta ngeunaan kecap barang.

Naon ari kecap barang téh? Kecap barang téh nyaéta ngaran-ngaran barang nu aya di sabudeureun urang. Kecap barang ogé bisa dihartikeun kecap anu bisa nyicingan jejer atawa obyék (pangrandap) dina hiji kalimah. Ciri-cirina:

  1. Bisa dihijikeun jeung kecap bilangan. Conto: hiji awéwé, lima karung, tilu iteuk.
  2. Teu bisa dihijikeun jeung morfem mindeng, remen, sering. Conto: mindeng kasur, remen korsi, sering bangku.

Di handap ieu aya sababaraha conto kecap barang jeung hartina dina Basa Indonésia!

  • Almenak = Kalendar
  • Awi = Bambu
  • Bal = Bola
  • Balong = Kolam
  • Beas = Beras
  • Bedil = Senapan/Pistol
  • Bedog = Golok
  • Béntang = Bintang
  • Beubeur = Sabuk
  • Beusi = Besi
  • Bor = Papan tulis
  • Calana = Celana
  • Carécet = Sapu tangan
  • Casan = Charger
  • Dus = Kardus
  • Erak = Rak
  • Eréng = Reng
  • Étém = Ani-ani
  • Garpuh = Garpu
  • Hapé = handphone/ponsel
  • Hawu = Tungku
  • Imah; Bumi; Rorompok = Rumah
  • Jékét = Jaket
  • Jeujeur = Joran
  • Jukut = Rumput
  • Jidar = Penggaris
  • Kai = Kayu
  • Kaléci = Keleci
  • Kantong = Tas
  • Katél = Kuali
  • Katuncar = Ketuncar
  • Kebon = Kebun/Ladang
  • Keusik = Pasir
  • Korsi = Kursi
  • Langlayangan = Layangan
  • Lembur = Kampung
  • Leuit = Lumbung padi
  • Leuweung = Hutan
  • Lomari = Lemari
  • Padud = Pipa
  • Pager = Pagar
  • Pamupus = Penghapus
  • Panon poé = Matahari
  • Panto = Pintu
  • Pasir = Bukit
  • Pawon = Dapur
  • Péso = Pisau
  • Ragaji = Gergaji
  • Sapatu = Sepatu
  • Sapédah = Sepeda
  • Sawah; Sérang = Sawah
  • Solokan = Selokan
  • Susukan = Parit
  • Talang = Pipa
  • Tampian = Kakus (Toilet)
  • Taneuh = Tanah
  • Useup = Kail
  • Wahangan; Walungan = Sungai

jeung réa-réa deui

Pelajari Lebih Lanjut

Detail Jawaban

Mapel : Bahasa Sunda

Kelas : 4 (SD)

Bab : Kecap barang

Kode : 4.13

Kata kunci : kecap barang

#BelajarBersamaBrainly

Semoga dengan pertanyaan yang sudah terjawab oleh BrainlyGarut dapat membantu memudahkan mengerjakan soal, tugas dan PR sekolah kalian.

Apabila terdapat kesalahan dalam mengerjakan soal, silahkan koreksi jawaban dengan mengirimkan email ke yomemimo.com melalui halaman Contact

Last Update: Thu, 07 Jul 22